Sabtu, 16 Mei 2009

KANYATAAN DINA KAHIRUPAN

Pikeun Dilenyepan Ku Anak Incu Ponakan Ataw Saha Bae

Hirup kumelenang di alam dunya teh loba gogoda da anu abadi mah engke di sorga kitu saur para Ulama mah. Di dunya teh loba pisan cocoba ka urang dina saenggoning kahirupan, kitu deui dina rumahtangga tangtu aya bae cocoba.
Sategesna ari cocoba teh nya eta ujian ti Gusti Alloh, boh beurat boh enteng, gumantung kumaha urang ngamaknaannana, saur para ulama oge Gusti Alloh moal maparin cocoba ka umat manusa anu sakira eta cocoba teu bisa katuntaskeun ku ayana jalan ikhtiar. Yen ieu ngandung harti sakumaha rongkahna cocoba ka urang tinangtu aya jalan kaluarna asal urang ikhlas bari jeung ikhtiar atawa usaha tea bari dibarengan ku do'a anu lklas oge.
Dina kahirupan rumah tangga sok aya bae cocoba kadang cocoba nu ieu can anggeus, malah datang deui cocoba sejenna, nu eta oge can beres malah aya deui cocoba lainna, kitu saterusna. Tapi inget ulah ngarasula ulah nyalahkeun sorangan komo nyalahkeun batur bari jeung ambek nyedek tanaga midek keuheul campur jeung teu narima kayaan, tah eta teh bibit buit panyakit "seteres" ceuk bahasa ayeuna mah.
Ku kituna upama anak atawa incu atawa saha bae meunang cocoba ti Nu Kawasa, tarimakeun kalayan ikhlas sabab ieu teh ujian tea ti Gusti Alloh, tapi tangtuna bari ikhtiar, jeung bari lenyepan naha urang teh kurang amal ka sasama, naha urang teh nyapirakeun kana parentahna Gusti Alloh sholat lima waktu ataw jauh kana sholat tahajud jeung sajabana.
Salila di alam dunya mah tinangtu aya bae cocoba ka urang ku kituna urang kudu sabar kalayan tawekal ikhlas pasrah bari jeung ikhtiar. sakitu ti eyangna Jihan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar